Sabtu, 08 Agustus 2009

Ngabodor

SAHA ANU BODO..

Di hiji rohangan kelas, hiji guru keur nyarekan murid-muridna.
“Dengekeun ku maraneh kabeh. Bapa bener-bener teu ngarti! Naha maraneh teh barodo kitu? Make ulangan panggedena ngan peunteun tilu! Sok nu ngarasa bodo, nangtung!!!”
Euweuh salah sahiji murid ge nu nangtung. Guru tambah kesel!
“Sakali deui! Saha nu ngarasa bodo, nangtung!
Keukeuh euweuh murid hiji-hiji acan nu nangtung. Nepi geus rada lila aya hiji murid nu diuk pangtukangna nangtung.
“Alus!” Puji guru, “tapi Bapa rek nanya, kunaon hidep bet nangtung?”
Terus eta murid ngajawab: “Ah, abdi mah karunya we ka Bapa. Abdi mah ngan saukur ngiring maturan Bapa nangtung!”


DI TILANG


Waktu si Sardun numpak motor, manehna norobos lampu beureum. Priiiiiiit...manehna ditilang ku polisi.
Polisi: “Naha anjeun teu ningali lampu geus beureum, hah? Sangeunahna wae ngajalankeun motor teh!”
Sardun: “Ningali pisan, Pa. Ngan hanjakal...”
Polisi: “Hanjakal naon?”
Sardun: “Muhun hanjakal tadi abdi teu ningali aya Bapa!”


ANAK EMBE



Si Amran keur leumpang bari mamangku anak embe. Manehna ngaliwat hareupeun si Jojo jeung babaturan lainna.
Jojo: “Ka mana euy..wayah kieu geus bareng jeung monyet?”
Amran: “Saha nu bareng jeung monyet? Kuring mah bareng jeung anak embe, nyaho. Tingali atuh...”
Jojo: “Saha deuih nu nanya ka maneh, da kuring mah nanya soteh ka anak embe!”



Sumber : Grup Urang Sunda Facebook^^

Tidak ada komentar: